Wayang mangrupa wangun téater rahayat ti Indonésia.[1][2] Réa jalma sok makaitkeun kecap wayang jeung bayang atawa kalangkang, sabab dina pagelaran wayang kulit digunakeun layar anu warnana bodas jadi jalma anu dilalajoan téh kalangkang di tukangeunana.[1][2][3] Tapi, aya ogé nu boga pamadegan yén ku urang lalajo wayang saenyana mah jalma keur nalingakeun kalangkang hirup manusa nu ka gambar dina lalakon wayang.[1][2] Di Jawa Barat wayang aya anu ngagunakeun bonéka (tina kulit jeung tina kai) jeung aya ogé nu dipaénkeun ku manusa (wayang orang).[1][2] Anu maké bonéka tina kulit disebut wayang kulit sedengkeun anu maké tina kai disebut wayang golék.[1] Wayang kulit umumna nyokot lakon tina Mahabarata atawa Ramayana, boh Galur boh Carangan, ayana di daérah kabudayaan Cirebon jeung daérah kabudayaan Batawi.[1] Di daérah Cirebon ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon pélog, sedengkeun di daérah kabudayaan Batawi ngagunakeun basa Batawi dipirig ku gamelan Sunda (saléndro).[1] Wayang golék aya dua rupa, nyaéta Wayang Golék Purwa di daérah Sunda ngagunakeun basa Sunda anu dipirig ku gamelan Sunda, jeung Wayang Golék Papak atawa wayang golék cepak nu ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon.[1][2] Wayang anu dipaénkeun ku manusa anu ngagunakeun pakéan jeung panutup hulu wayang nu niron wayang kulit, tapi antawacana dilakukeun ku dalang.[1] Dalang nyaéta pamingpin pagelaran wayang, manéhna nu ngamaénkeun wayang, nembangkeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jrrd.[1][2]