Wewengkon di Jepang lain satuan administrasi resmi, tapi sacara tradisional dipaké ngabagi wewengkon Jepang keur sababaraha kaperluan. Upamana, peta jeung teksbook géografi ngabagi Jepang kana 8 wewengkon, laporan cuaca ogé ilaharna dumasar kana wewengkon ogé sababarha bisnis jeung institusi maké ngaran wewengkon keur parusahaana saperti (Kinki Nippon Railway, Chugoku Bank, Tohoku University, jst.).