Wiati atawa Atmosfir nyaéta lapisan gas anu nutupan hiji planét, kaasup bumi, ti beungeut planét kasebut nepi ka jauh di luareun jomantara. Di bumi, atmosfir aya ti mimiti luhur 0 km di luhur beungeut taneuh, nepi ka kira 560 km ti luhur beungeut bumi. Atmosfir kasusun ku sababaraha lapisan, anu dingaranan nurutkeun fénomena anu lumangsung dina lapisan kasebut. Transisi antara lapisan anu hiji jeung anu séjén lumangsung natahap. Ulikan ngeunaan atmosfir mimitina dipigawé pikeun ngajawab masalah cuaca, fénomena méngkolna sinar panonpoé waktu medal sarta surup, sarta kulap-kelipna béntang. Ku nagunakeun parabot anu sénsitip anu dipasang di wahana luar jomantara, urang bisa meunangkeun kanyaho anu leuwih alus ngeunaan atmosfir katut fénomena-fénomena anu lumangsung di jerona.
Atmosfir Bumi diwangun ku nitrogén (78.17%) sarta oksigén (20.97%), jeung saeutik argon (0.9%), karbondioksida (robah-robah, tapi kira-kira 0.0357%), saab cai, sarta gas séjénna. Atmosfir nangtayungan kahirupan di bumi ku cara nyerep radiasi sinar ultraviolét ti panonpoé sarta ngurangkeun suhu ékstrim di antara beurang jeung peuting. 75% tina atmosfir aya dina 11 km ti beungeut planét.
Atmosfir henteu miboga wates nu dumadakan, tapi ngipisan saeutik-saeutik nurutkeun nambahna luhur, euweuh wates pasti antara atmosfir jeung jomantara luar.