Wikipédia miboga kawijakan jeung tungtunan nu mantuan urang sadaya pikeun ngarojong tujuan balaréa:
Palanggeran dina Wikipédia bisa robah ngaluyukeun waktu. Éta hal ilahar kajadian dina Wikipédia yén hiji aturan bisa dipadungdengkeun dina kaca sawalana. Sing saha waé bisa ilubiung. Wikipédia miboga saeutik aturan jeung lilinggeran nu ditarima ku umum tur dianggap rada penting, atawa perlu, ku nu ngadegkeun proyék katut pamilonna. Ieu hal baris mantuan urang sorangan pikeun ngahontal naon anu jadi tujuan urang sadaya. Kacida pentingna urang sadar yén sabagéan aturan bisa robah ku sabab Wikipedia téh masih mekar jeung ngeureuyeuh kéneh. Sedengkeun sawaréhna deui geus ditarima turta henteu dianggap kontrovérsial ku lolobana anggota heubeul Wikipédia.